Oleh Ahmad Suya
Purwacaraka
Kalayan nyebat asma mantena Allah SWT. Simkuring seja
ngadugikeun pamendak nguenaan kaulinan urang lembur anu parantos tumuwuh sacara
turun tumurun tur robih numutkeun para juru lakuna atawa nungaulinkeunnana.
Kaulinan urang lembur mangrupi
gambaran kajembaran budaya nu aya di tatar Sunda. Kacida seueurna wangun
kaulinan urang lembur anu parantos kapendak di saban lembur di tatar Sunda,
diantawisna ; Egrang/jajangkungan, gatrik, galah asin, sorodot gaplok/gampar,
kelom batok, bedil jepret, bedil sorolok, panggal/gasing jeung rea-rea deui.
Biasana kaulinan urang lembur teh
lumangsung dina waktu reureuh gawe atanapi mun pareng bulan purnama. Kiwari
kaulinan urang lembur meh ampir musnah tur teu dipiwanoh ku barudak jaman
kiwari kasilih majuna jaman dina rupaning kaulinan nu jebulna ti nagri deungeun
saperti PS jeung nu sejena.
Kuayana festival kaulinan barudak
lembur dipiharep sangkan nanjeur deui kareueus barudak Sunda kana kaulinan
urang lembur anu seueur pisan guna jeung mangpaat enggoning miara persatuan
jeung kasatuan bangsa dina emprona maranehna mangkak dewasa jeung diparengkeun
mingpin nagri geusan ngajadi ieu. Alesanana tos teu kedah diragukeun deui margi
dina kaulinan barudak urang lembur mah mibutuh rasa saling hayukeun jeung pada
baturna dipahing pisan boga sifat sosoranganan.
Pedaran
Ngalangkungan ieu kasempatan sim
kuring baris ngawincik perkawis kaulinan urang lembur sakaterang anu parantos
kapendak mung tangtos masih seueur pisan kakirangan boh tina seratan atanapi
lebeting eusi kaulinan ku anjeun enggoning medarkeunnana jalaran ku hengkerna
elmu pangaweruh anu kacangking mugi pangersa anu maos ieu seratan maphum wae
oge ageung pangapuntena.
1. Galah Asin
Galah asin mangrupi kaulinan
urang lembur anu diwengku ku dua grup/komplotan lalawanan nu jumlahna 3 dugi ka
4 jalmi sakomplotanana. Kanggo nangtoskeun komplotan atanapi grupna sok
diawitan ku suten atanapi ngundi. Cara atanapi palangeran kaulinan galah asin
nyaeta :
·
Tilu/opat urang nu ngajaga nu disebat galah tea
·
Tilu/opat urang nu nyerang anu baris ngasinkeunnana
Nu
nyerang/nu ngasinkeun dinyatakeun kenging saupami tiasa ngalangkungan galah
kalayanan salamet teu katoel ku galah tea, tur bakal kenging hadiah gandongan
tinu ngajagi tea.
Nu ngajagi dinyatakeun kenging
saupami tiasa noel nunyerang kalayan teu ngarempak palageran kaulinan anu tos
ditangtoskeun diana kaulinan galah asin.
2. Egrang (jajangkungan)
Mangrupi
kaulinan urang lembur anu mibutuh kaparigelan dina nyaimbangkeun bobot atanapi
teteken dina ngalengkahkeun sampean nu ngulinkeunnana. Palangeran balap egrang
sakumaha nu kaunggel dina kaulinan galah asin tea, kedah nangtoskeun grup
atanapi komplotan atanapi tiasa oge sosoranganan saupami anu arulinna mung
sakedikan. Egrang teh mangrupi silib siloka tea, hirup teh kudu saimbang tur
ajeg dina kuda-kuda sorangan (mandiri).
3. Sorodot Gaplok
Sorodot gaplok mangrupi kaulinan
urang lembur nu aya disawatara tempat di Pulau Jawa, malih kaulinan sorodot
gaplok tumuwuh oge di sawatara tempat di luar tatar Jawa.
Palangeran kaulinan sorodot
gaplok nyaeta :
·
Pamilon engkle bari sampean nu engklena ditumpangan ku batu
kokojo nu baris ditembragkeun kana batu panahan.
·
Jumlah pamilon tiasa grup atanapi sosoranganan
·
Sarengsena garis wates sampean nu engkle dilengkahkeun
sangkan batu nu aya dina sampeana nembrag kana batu panahan.
·
Sampean nu jadi pancer teu kenging ngalangkungan garis
wates dina nembragkeun batu kokojona tea.
4. Gatrik
Gatrik mangrupi kaulinan urang
lembur nu kacida dipikaresepna diantawis ragem kaulinan nu tumuwuh di tatar
Sunda numutkeun sawatara tempat anu gaduh kaulinan urang lembur ieu.
Palangeran kaulinan gatrik
sapertos kieu :
·
Getok lele nyaeta gatrik atawa awi kokojo nu ukutan +
25 cm disarankeun dina panahan, nu diteunggeulna tungtung luhurna sangkan
ngabetrik numutkeun arah nu dipiharep.
·
Jelepung nyaeta awi kokojo ditahan papada sisina teras
dijelepung ti tengahna sangkan ngacleng ngajelepung numutkeun arah nu
dipiharep.
·
Galah atanapi kasti nyaeta kokojo dirangkepkeun sareng
paneungeulna teras diteungeulkeun dugi ka tebih kalayan wates nu tangtu.
Panutup
Sakitu nu kapihatur pamugi aya
guna sareng mangfaatna enggoning ngamumule ajen budaya bangsa sorangan titilar
para karuhun Sunda.
Sumber: Makalah disampaikan pada Festival Permainan Tradisional Anak yang diselenggarakan oleh BPSNT Bandung di Sumedang tanggal 14 Juli 2010